PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • w19 Nopémber kaca 31
  • Naha Sadérék Terang?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naha Sadérék Terang?
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
w19 Nopémber kaca 31
Saurang pangurus di Mesir kuno ngawaskeun kagiatan para pagawé

NAHA SADÉRÉK TERANG?

Naon tugasna pangurus dina jaman Alkitab?

DINA jaman Alkitab, tugas pangurus téh ngurus rumah tangga jeung harta banda dununganana. Kecap Ibrani jeung Yunani nu ditarjamahkeun jadi ”pangurus” bisa ngamaksudkeun pangawas rumah tangga.

Waktu Yusup, anakna Yakub, jadi gandék di Mesir, Yusup diangkat jadi pangurus rumah tangga Potipar, dununganana. Malah, ”saniskara urusan ku Potipar diselehkeun ka Yusup”. (Kaj. 39:2-6) Ka dieunakeun, waktu Yusup jadi pajabat Mesir, manéhna gé boga pangurus atawa ”juru kawasa bumi”.​—Kaj. 44:4.

Dina jaman Yésus, para tuan tanah osok cicing di kota nu jauh ti kebonna. Jadi, maranéhna ngangkat pangurus pikeun ngawaskeun kagiatan sapopoé para pagawé di kebonna.

Naon saratna pikeun jadi pangurus? Saurang juru tulis Rum dina abad kahiji nu ngaranna Columella nyebutkeun yén gandék nu diangkat jadi pangawas, atawa pangurus, sakuduna ”jalma nu [geus] boga loba pangalaman”. Disebutkeun ogé yén manéhna kudu tegas tapi henteu kejem ka para pagawé. Juru tulis éta nambahkeun, ”Nu paling penting mah manéhna teu meunang nyanyahoanan tapi terus sumanget diajar.”

Firman Allah osok ngagunakeun conto pangurus pikeun ngagambarkeun sababaraha kagiatan di sidang Kristen. Misalna, Rasul Pétrus ngajurung urang Kristen supaya ngagunakeun kamampuh ti Allah pikeun ”silih tulungan; eta nandakeun yen [maranéhna] teh jadi pangurus anu hade dina makihikeun rupa-rupa berkah ti Allah”.​—1 Pet. 4:10, Sunda Formal [SF].

Yésus gé ngagunakeun conto pangurus dina misilna nu dicatet dina Lukas 16:1-8. Salian ti éta, dina nubuatna ngeunaan tanda kahadiranana sabagé Raja, Yésus ngayakinkeun para muridna yén anjeunna bakal ngalantik ”gandek satia jeung bijaksana”, atawa ”pangawas rumah tangga”. Tugas utama gandék ieu téh nyaéta terus nyadiakeun kadaharan rohani pikeun murid-murid Yésus sapanjang ahir jaman. (Mat. 24:45-47; Luk. 12:42, SF) Urang nganuhunkeun pisan bisa narima publikasi nu nguatkeun iman nu disadiakeun di sakuliah dunya ku pangurus nu satia ieu.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun