HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | YESAYA 29-33
”Hiji Raja anu Ngarajaanana Satuhuna”
Yésus, sang Raja, nyadiakeun ”pamingpin”, atawa kokolot, pikeun ngurus domba-domba
32:1-3
Lir ”tempat nyalindung ari keur hujan jeung angin”, maranéhna jadi panyalindungan keur domba-domba tina panganiayaan jeung parasaan leutik haté
Lir ”kokocoran cai di tanah keri”, maranéhna nyumponan pangabutuh rohani ku bebeneran sajati nu bisa mulihkeun kakuatan urang
Lir ”batu gede di tengah tegal garing pikeun ngiuhan”, maranéhna nyadiakeun bingbingan rohani nu mawa katengtreman pikeun domba-domba