HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | YERMIA 12-16
Bangsa Israil Mopohokeun Yéhuwa
Yérmia dipasihan tugas nu hésé nu ngagambarkeun tékad Yéhuwa pikeun ngancurkeun naon nu diagul-agulkeun ku urang Yuda jeung Yérusalém.
Yérmia meuli sarung pondok tina linén
13:1, 2
Sarung pondok nu dibeulitkeun kana cangkéng ngaibaratkeun hubungan nu raket jeung Yéhuwa nu bisa dipimilik ku bangsa éta
Yérmia mawa sarung pondok éta ka Walungan Éprat
13:3-5
Manéhna nyumputkeun éta sarung dina sela-sela batu cadas, terus balik deui ka Yérusalém
Yérmia balik deui ka Walungan Éprat pikeun nyokot éta sarung
13:6, 7
Sarungna geus bobo
Yéhuwa ngajelaskeun alesana-Na sanggeus Yérmia ngajalankeun tugasna
13:8-11
Kataatan Yérmia dina ngajalankeun tugas nu katingalina sapélé ngadukung upaya Yéhuwa ngageuing haté jalma-jalma