PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb17 April kaca 2
  • Ngabagéakeun Maranéhna

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ngabagéakeun Maranéhna
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
  • Bahan nu Sarupa
  • Naon Mangpaatna Miluan Acara Ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Silih Bagéakeun
    Ngawih Sing Gumbira ka Yéhuwa
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
mwb17 April kaca 2

KAHIRUPAN KRISTEN

Ngabagéakeun Maranéhna

Saha nu perlu dibagéakeun? Sakabéh jalma nu hadir di pasamoan, ti jalma nu anyaran datang nepi ka nu geus lila jadi Saksi. (Rum 15:7; Ibr 13:2) Bisa ogé dulur saiman ti luar nagri atawa nu geus teu aktif. Bayangkeun lamun urang jadi maranéhna, pasti resep lamun urang dibagéakeun di pasamoan. (Mat 7:12) Hayu urang ngabagéakeun maranéhna boh saacan boh sanggeus pasamoan. Upaya Sadérék bisa nyieun kaayaan di pasamoan leuwih akrab sarta bisa ngamulyakeun Yéhuwa. (Mat 5:16) Tangtu urang moal bisa ngobrol jeung unggal jalma di pasamoan. Tapi, lamun urang masing-masing nyieun upaya, sakabéh hadirin bakal senang.a

Urang kudu upaya ngabagéakeun batur unggal waktu, lain saukur basa keur Pangéling-ngéling. Jadi, jalma nu anyaran datang bisa ngarasakeun kaasih Kristen sarta kageuing pikeun ngawula Yéhuwa dina ibadah sajati.​—Yoh 13:35.

a Prinsip Alkitab ngatur cara nyanghareupan jalma nu dipecat atawa nu embung deui jadi Saksi.​—1Kor 5:11; 2Yoh 10.

Hiji sadérék ngabagéakeun nu anyaran datang ka Balé Karajaan

CARA NGABAGÉAKEUN NU ANYARAN DATANG

  • Kenalkeun diri Sadérék sarta tanyakeun ngaranna

  • Ajak diuk babarengan

  • Injeumkeun Alkitab jeung buku kawih Sadérék

  • Sanggeus pasamoan, Sadérék bisa ngajawab pananya ti maranéhna

  • Lamun manéhna minat, tawarkeun palajaran Alkitab

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun