PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb17 Juni kaca 8
  • Sing Gumbira Basa Ngawawarkeun Warta Hadé

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sing Gumbira Basa Ngawawarkeun Warta Hadé
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
  • Bahan nu Sarupa
  • Saha nu Ngawawarkeun Warta Hadé?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Gumbira—Sipat nu Asalna ti Allah
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
  • Alesanana Urang Kudu Terus ”Baruahan Leubeut”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
mwb17 Juni kaca 8

KAHIRUPAN KRISTEN

Sing Gumbira Basa Ngawawarkeun Warta Hadé

Naha Sadérék pernah ngarasa hésé ngawawar? Loba nu ngarasa kitu. Naon sababna? Bisa jadi urang panggih jeung jalma nu teu paduli sarta ngéwa ka urang. Atawa, urang sieun ngomong ka jalma nu teu dipikawanoh. Tangtu, hal ieu bisa ngaleutikeun haté urang. Tapi, urang ngawula Allah nu bagja. Allah hayang urang gumbira basa ngawula Mantenna. (Jab 100:2; 1Tim 1:11) Naon tilu alesan supaya urang bisa gumbira basa ngawawar?

Kahiji, urang ngawartakeun harepan. Sanajan jalma-jalma geus kaleungitan harepan, urang bisa ngalilipur maranéhna ku ’beja hal nu pitengtremeun’. (Yes 52:7) Warta hadé Karajaan Allah ogé bisa ngabagjakeun urang. Saacan ngawawar, lenyepan heula berkah-berkah Karajaan Allah nu bakal kalaksana di bumi.

Kadua, warta hadé nu ditepikeun bisa mawa mangpaat keur jalma-jalma, boh jasmani boh rohani. Maranéhna diajar pikeun miceun kalakuan goréng sarta narima harepan hirup langgeng. (Yes 48:17, 18; Rum 1:16) Ayeuna, urang téh keur néangan sarta nyalametkeun jalma-jalma. Sanajan loba nu embung disalametkeun, urang tetep néangan jalma nu daék disalametkeun.—Mat 10:11-14.

Katilu, nu pangpentingna, palayanan urang téh ngamulyakeun Yéhuwa. Mantenna ngahargaan pisan kagiatan pangwawaran ieu. (Yes 43:10; Ibr 6:10) Yéhuwa ogé masihan roh suci-Na pikeun ngabantu urang ngaréngsékeun tugas ieu. Urang bisa ménta roh suci-Na sangkan ngarasa gumbira. (Gal 5:22) Ku bantuan Yéhuwa, urang bisa ngalawan rasa sieun, tuluy wani ngawawar. (Ras 4:31) Jadi, urang teu pati kapangaruh ku réaksi jalma-jalma sarta bisa ngarasa gumbira basa ngawawar.—Yeh 3:3.

Bédana sikep resep jeung henteu basa ngawawar

Kumaha sakuduna sikep urang dina palayanan? Kumaha Sadérék bisa tetep gumbira?

SETÉL VIDÉO MENGEMBALIKAN SEMANGAT DENGAN BELAJAR DAN MERENUNG, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA IEU:

  • Ku naon urang kudu ngutamakeun rutin palajaran pribadi sanajan sibuk ngawawar?

  • Kumaha urang bisa nyonto Mary?

  • Iraha Sadérék nyadiakeun waktu pikeun ngalenyepan Firman Allah?

  • Basa keur ngawawarkeun warta hadé, naon nu bisa ngagumbirakeun Sadérék?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun