KAHIRUPAN KRISTEN
Ku Naon Ibadah Sajati téh Penting?
Urang Yahudi di pangbuangan dikuatkeun ku téténjoan Yéhéskél ngeunaan bait, éta méré harepan yén ibadah sajati bakal dipulihkeun. Dina ahir jaman ieu, ibadah sajati geus ngadeg ”muncul pangluhurna, mucunghul ngaluhuran pasir-pasir”, urang ogé kaasup jalma-jalma ti loba bangsa nu ngaburudul ka ditu. (Yes 2:2) Naha bisa kenal sarta ngawula Yéhuwa dianggap hiji kahormatan ku Sadérék?
BERKAH-BERKAH TI IBADAH SAJATI:
Loba kadaharan rohani nu méré jawaban tina pananya-pananya penting ngeunaan kahirupan, naséhat hadé, jeung harepan nu pasti.—Yes 48:17, 18; 65:13; Rum 15:4
Sosobatan jeung dulur saiman di sakuliah dunya.—Jab 133:1; Yoh 13:35
Kahormatan pikeun digawé bareng Allah. Ieu téh pagawéan nu ngabagjakeun urang.—Ras 20:35; 1Kor 3:9
’Katengtreman ti Allah’ nguatkeun urang waktu ngalaman sangsara.—Pil 4:6, 7
Haté sanubari nu bersih.—2Tim 1:3, SF
Sosobatan jeung Yéhuwa.—Jab 25:14
Ku cara naon deui urang nunjukkeun yén ibadah sajati téh penting?