PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb17 Oktober kaca 3
  • Carana Jadi Palajar Alkitab nu Rajin

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Carana Jadi Palajar Alkitab nu Rajin
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
  • Bahan nu Sarupa
  • Naha Sadérék Boga Kabiasaan Rohani nu Alus?
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
mwb17 Oktober kaca 3

KAHIRUPAN KRISTEN

Carana Jadi Palajar Alkitab nu Rajin

Saperti Daniél, naha Sadérék hayang tetep satia waktu aya cocoba? Daniél rajin ngulik Firman Allah, kaasup ngeunaan nubuat-nubuat nu hesé. (Dan 9:2) Lamun rajin diajar Alkitab, Sadérék bisa tetep satia. Ku naon? Hal éta bisa nguatkeun iman Sadérék ka jangji-jangji Yéhuwa nu bakal laksana. (Yos 23:14) Hal éta ogé bisa ngamekarkeun kanyaah Sadérék ka Allah, jadi Sadérék bakal kajurung pikeun ngalakukeun hal nu bener. (Jab 97:10) Kumaha Sadérék bisa ngamimitianana? Perhatikeun cara-cara ieu.

Daniel diajar Firman Allah
  • Naon nu kudu diulik? Kabiasaan diajar nu alus kaasup nyiapkeun bahan-bahan pasamoan. Maca Alkitab unggal minggu bakal leuwih mangpaat lamun ngulik topik-topik nu Sadérék can ngarti. Misalna, aya nu ngulik ngeunaan nubuat Alkitab, cara-cara ngamekarkeun sipat-sipat hasil roh Allah, perjalanan utusan injil Rasul Paulus, atawa ngeunaan ciptaan Yéhuwa. Lamun Sadérék boga pananya ngeunaan topik Alkitab, tulis jeung jadikeun éta sabagé bahan palajaran pribadi.

  • Di mana urang bisa néangan kateranganana? Tingali sababaraha carana dina vidéo Sarana Riset untuk Menggali Harta Rohani. Pikeun nguji pamahaman Sadérék, téangan kawasa-kawasa dunya naon nu digambarkeun ku sato-sato raksasa di Daniel pasal 7.

  • Sabaraha lila urang kudu diajar? Rutin diajar téh konci pikeun ngajaga karohanian urang. Mimitina, Sadérék bisa diajar sakeudeung. Mun geus biasa, waktuna bisa leuwih lila. Diajar Firman Allah saperti néangan harta. Beuki loba harta nu kapanggih, Sadérék beuki hayang néangan leuwih loba deui! (Sil 2:3-6) Sadérék bakal terus aus ku Firman Allah. Sadérék ogé bakal boga kabiasaan diajar Alkitab sacara rutin.​—1Pet 2:2.

    Supaya resep diajar Alkitab, tingali carana di Sedarlah! Februari 2012, alm. 18-20

NAON NU DIGAMBARKEUN KU SATO-SATO RAKSASA DI DANIEL PASAL 7?

  • Sato nu siga singa jeung boga jangjang heulang

    Dan 7:4

  • Sato nu siga biruang ngégél tilu tulang iga di sungutna

    Dan 7:5

  • Sato nu siga méong tutul nu boga opat hulu jeung opat jangjang

    Dan 7:6

  • Sato raksasa nu boga huntu gedé tina beusi jeung sapuluh tanduk

    Dan 7:7

PANANYA TAMBAHAN:

Kumaha Daniel 7:8, 24 kalaksana?

Tanduk leutik nu mataan jeung sungutan kaluar ti sapuluh tanduk, terus ngaruntuhkeun tilu tanduk

PALAJARAN SATERUSNA:

Naon nu digambarkeun ku sato-sato dina Wahyu pasal 13?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun