KAHIRUPAN KRISTEN
Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang Ngadatangan Deui
KU NAON PENTING? Loba jalma minatkana warta Karajaan sabab maranéhna keur néangan bebeneran ngeunaan Allah. (Yes 55:6) Supaya bisa ngajar maranéhna, urang kudu terus ngadatangan maranéhna. Tangtangan nu disanghareupan ku maranéhna béda-béda, jadi cara urang mekarkeun minat maranéhna ogé béda-béda. Lamun urang nyiapkeun heula bahan-bahan saacan ngadatangan deui, hasilna bakal leuwih hadé. Engkéna, urang ogé bisa ngamimitian palajaran Alkitab.
CARA NGALAKUKEUNANA:
Langsung datangan deui, alusna sababaraha poé sanggeusna.—Mat 13:19
Sing soméah jeung sopan. Usahakeun ulah geumpeur
Mimitian ku ngucapkeun salam. Sebutkeun ngaran nu boga imah. Sebutkeun ku naon Sadérék datang deui, misalna pikeun ngajawab pananya, méré bacaan nu anyar, nunjukkeun situs Internét urang, nyetél vidéo, atawa nunjukkeun saperti kumaha diajar Alkitab téh. Luyukeun obrolan jeung topik nu dipikaresep ku manéhna.—Pil 2:4
Siram binih bebeneran dina haténa ku cara ngabahas ayat-ayat Alkitab jeung méré bacaan nu cocog. (1Kor 3:6) Upayakeun pikeun jadi baturna
Jieun dasar pikeun ngadatangan deui