HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | SEPANYA 1–HAGAI 2
Téangan Yéhuwa Saacan Poé Amarah-Na Datang
Supaya Yéhuwa ngaluputkeun urang dina poé amarah-Na, urang kudu ngabaktikeun diri ka Mantenna. Urang kudu nurut kana naséhat Sépanya keur urang Israil.
Néangan Yéhuwa: Ngajaga sosobatan urang jeung Yéhuwa ku cara tetep aya dina organisasi-Na
Néangan nu bener: Ngajungjung papakon Yéhuwa nu luhur
Néangan karendahan haté: Sacara rendah haté, tunduk kana kahayang Allah sarta daék narima disiplin-Na
Kumaha abdi bisa leuwih néangan Yéhuwa, nu bener, sarta karendahan haté?