PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb17 Désémber kaca 8
  • Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Méré Kasaksian ka Unggal Jalma di Daérah Urang

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Méré Kasaksian ka Unggal Jalma di Daérah Urang
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
  • Bahan nu Sarupa
  • Diorganisasi pikeun Ngawawar ka Unggal Jalma
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
  • Sabilulungan Ngawawar di Daérah nu Ngagunakeun Loba Basa
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2018
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
mwb17 Désémber kaca 8
Saurang sadérék jeung awéwé kolot di Namibia

KAHIRUPAN KRISTEN

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Méré Kasaksian ka Unggal Jalma di Daérah Urang

KU NAON PENTING? Jakaria ngaramalkeun yén jalma-jalma ti sagala bangsa bakal narima warta hadé. (Jak 8:23, NW) Tapi, saha nu bakal ngajar maranéhna? (Rum 10:13-15) Urang boga kahormatan jeung tanggung jawab pikeun nguarkeun warta hadé ka unggal jalma di daérah urang.​—od-IN 84 ¶10-11.

CARA NGALAKUKEUNANA:

  • Siapkeun bahan-bahan. Naha Sadérék osok panggih jeung jalma nu basana béda? Sadérék bisa ngagunakeun aplikasi JW Language pikeun nepikeun kecap panganteur singget. Sadérék ogé bisa maké HP atawa tablét pikeun méré nyaho yén manéhna bisa néangan katerangan leuwih loba dina basana di jw.org

  • Sing taliti. Lamun Sadérék dines ti imah ka imah, ulah poho pikeun méré kasaksian ogé ka nu ngaliwat atawa nu ngadagoan di mobil. Lamun Sadérék méré kasaksian di tempat umum, ulah kasimpangkeun

  • Sing getol. Datangan deui jalma nu teu aya di imah. Upayakeun pikeun ngawawar ka unggal imah. Mun jalmana teu aya, coba dina waktu atawa poé séjénna. Bisa waé Sadérék teu bisa panggih langsung jeung maranéhna, tapi Sadérék bisa méré kasaksian liwat surat, telepon, atawa di jalan.

  • Terus datangan. Datangan deui jalma nu minat. Lamun Sadérék jeung manéhna béda basa, téangan sadérék nu bisa ngabantu manéhna. Tetep datangan nepi ka manéhna didatangan ku sadérék séjén nu bisa ngomong basa manéhna.​—od-IN 94 ¶39-40

SETÉL VIDÉO MENGINJIL ”KE BAGIAN YANG PALING JAUH DI BUMI”, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Hiji kelompok rék ngayakeun perjalanan pikeun ngawawar di Namibia

    Naon nu disiapkeun ku sadérék-sadérék saacan ngawawar ka tempat nu jauh? (1Kor 9:22, 23)

  • Perjalanan ka tempat nu mencil di Namibia

    Naon waé tangtangan nu disanghareupan ku maranéhna?

  • Barudak di Namibia resep nongton vidéo-vidéo di jw.org

    Naon berkah-berkah nu ditarima?

  • Naon waé nu bisa dilakukeun ku Sadérék pikeun ngawawar ka leuwih loba jalma di daérah Sadérék?

Pangawas dines kudu mastikeun yén kabéh daérah sidang digawékeun. Sababaraha badan kokolot ngatur poé-poé husus supaya pawarta bisa sapoéeun ngagawékeun daérah nu biasana tara digawékeun.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun