Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
mwb17 Désémber kaca 5
KAHIRUPAN KRISTEN
Fitur Anyar pikeun Pasamoan Tengah Minggu
Ngamimitian Januari 2018, dina pasamoan tengah minggu bakal aya catetan jeung média tina Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru édisi palajaran (nwtsty-E) online, sanajan Kitab Suci éta tacan aya dina basa Sadérék. Katerangan ieu pasti bakal leuwih ngabantu Sadérék pikeun nyiapkeun pasamoan. Nu leuwih penting, mugia ieu bisa nguatkeun sosobatan Sadérék jeung Yéhuwa, Bapa urang nu asih!