KAHIRUPAN KRISTEN
Apa Itu Cinta Sejati?
Yéhuwa ngayakeun perkawinan supaya saurang lalaki jeung saurang awéwé ngahiji salawasna. (Kaj 2:22-24) Pepegatan ngan bisa dilakukeun mun aya nu jinah. (Mal 2:16; Mat 19:9) Yéhuwa hayang perkawinan téh bagja. Jadi, Mantenna masihan prinsip-prinsip nu bisa ngabantu urang Kristen pikeun bijaksana milih pasangan jeung ngajaga perkawinan tetep bagja.—Pan 5:4-6.
TONGTON VIDÉO APA ITU CINTA SEJATI?, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:
Ku naon naséhat ti Frank jeung Bonnie ka budak awéwéna, nyaéta Liz, téh bijaksana jeung nunjukkeun kanyaah?
Ku naon teu bijaksana lamun mikir urang bisa ngarobah sipat kabogoh urang?
Naon naséhat ti Paul jeung Priscilla ka Liz?
Ku naon perkawinan Zach jeung Megan loba masalah?
Naon cita-cita rohani John jeung Liz?
Ku naon penting pikeun mariksa ”kageulisan sajati” calon pasangan hirup Sadérék saacan nyieun ikrar perkawinan? (1Pet 3:4)
Naon cinta sajati téh? (1Kor 13:4-8)