Panganteur
Gusti jangji rék masihan berkah naon waé ka umat manusa? Na Kitab Suci téh bisa dipercaya? Dina majalah ieu, urang bakal ngabahas sababaraha jangji Gusti. Urang gé bakal ningali ku naon jangji-jangji éta bisa dipercaya. Urang gé dibéré nyaho kumaha carana supaya urang bisa narima berkah-berkah nu ngabagjakeun ti Gusti.