PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb18 Pébruari kaca 7
  • Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Béré Pananya nu Cocog

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Béré Pananya nu Cocog
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2018
  • Bahan nu Sarupa
  • Ngagunakeun Pananya
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Bener Kitu Alkitab téh Aya Mangpaatna?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Bener Kitu Alkitab téh Aya Mangpaatna?
    Hirup Bagja Salilana!—Panganteur pikeun Diajar Alkitab
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2018
mwb18 Pébruari kaca 7

KAHIRUPAN KRISTEN

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Béré Pananya nu Cocog

KU NAON PENTING? Lamun ”pipikiran jelema teh saibarat cai dina sumur jero”, nu jadi timbana téh nyaéta pananya. (Sil 20:5) Urang ngagunakeun pananya-pananya supaya batur kalibet dina obrolan. Lamun pananyana cocog, hasilna sok alus. Yésus ngagunakeun pananya-pananya nu cocog. Kumaha urang bisa nyonto anjeunna?

Yésus méré pananya ka salah saurang muridna

CARA NGALAKUKEUNANA:

  • Béré pananya nu ngali eusi haté. Yésus méré pananya-pananya pikeun nyaho kumaha pandangan murid-muridna. (Mat 16:13-16; be-IN 238 ¶4-6) Pananya naon nu bisa digunakeun ku Sadérék pikeun ngali eusi haté batur?

  • Béré pananya panungtun. Pikeun menerkeun pikiran Pétrus, Yésus méré pananya jeung pilihan jawaban supaya Pétrus bisa nyimpulkeun nu bener. (Mat 17:24-26) Pananya naon nu bisa digunakeun ku Sadérék pikeun ngabantu jalma boga kasimpulan nu bener?

  • Béré pujian. Sanggeus saurang ahli hukum agama méré jawaban nu ”kacida bijaksanana”, Yésus muji manéhna. (Mar 12:34) Kumaha Sadérék bisa méré pujian ka batur nu geus ngajawab pananya Sadérék?

Sing hormat. Urang teu boga wewenang saperti Yésus. Jadi, urang kudu ngahormat ka batur, utamana nu leuwih kolot, nu urang teu wawuh, jeung nu boga wewenang.—1Pet 2:17.

SETÉL BAGIAN KAHIJI VIDÉO LAKUKAN PEKERJAAN YANG YESUS LAKUKAN—MENGAJAR, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Ku naon ieu téh lain conto nu alus sanajan nu diajarkeunana téh geus akurat?

  • Ku naon teu cukup ngan ngajelaskeun wungkul?

SETÉL BAGIAN VIDÉO NU KADUA, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Kumaha saurang sadérék ngagunakeun pananya-pananya nu cocog?

  • Naon waé nu bisa diconto ti cara ngajar manéhna?

Saurang lalaki kawalahan waktu diajar ku cara nu kurang alus; saurang lalaki bisa ngarti pisan waktu diajar bebeneran ku cara nu alus

Naon pangaruh pangajaran urang ka batur? (Luk 24:32)

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun