KAHIRUPAN KRISTEN
Mengapa Kenetralan Begitu Penting? (Mika 4:2)
Misil ngeunaan urang Samaria nu bageur ngingetkeun urang yén Yéhuwa teu beurat sabeulah sarta hayang urang ”migawe kahadean ka sing saha bae”, kaasup ka jalma-jalma nu kelas sosial, kaom, sélér bangsa, jeung agamana béda.—Gal 6:10; Ras 10:34.
TONGTON VIDÉO MENGAPA KENETRALAN BEGITU PENTING? (MIKA 4:2), TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:
Kumaha urang nyaho yén Mika 4:2 keur ngajelaskeun ngeunaan umat Allah ayeuna?
Naon harti sikep nétral téh, jeung ku naon sikep ieu penting?
Kumaha Wahyu 13:16, 17 némbongkeun yén sistim pulitik hayang mangaruhan cara pikir jeung tindakan urang?
Naon tilu hal nu bisa nyababkeun urang teu nétral deui?