HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | LUKAS 19-20
Diajar tina Misil ngeunaan Sapuluh Mina
Naon nu digambarkeun ku hal-hal nu aya dina misil ieu?
Dunungan ngagambarkeun Yésus
Para palayan ngagambarkeun kaom nu diistrénan
Duit nu dipercayakeun ka para palayan ngagambarkeun tugas istiméwa pikeun ngajadikeun murid
Misil ieu ngamuat paringetan ngeunaan naon nu bakal kaalaman ku kaom nu diistrénan lamun mekarkeun sipat-sipat palayan nu goréng haté. Yésus miharep murid-muridna ngagunakeun sakabéh waktu, tanaga, jeung harta bandana dina ngajadikeun murid.
Kumaha urang bisa nyonto tuladan kaom nu diistrénan dina ngajadikeun murid?