PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb18 Agustus kaca 7
  • Yésus Maot Demi Sadérék Urang Ogé

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Yésus Maot Demi Sadérék Urang Ogé
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2018
  • Bahan nu Sarupa
  • Jaga Karukunan Sidang
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Ulah Nganyenyeri Haté ”Barudak Leutik Ieu”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2021
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2018
mwb18 Agustus kaca 7
Yésus ngomong ka murid-muridna

KAHIRUPAN KRISTEN

Yésus Maot Demi Sadérék Urang Ogé

Yésus ngorbankeun nyawana demi manusa nu teu sampurna. (Rum 5:8) Urang masing-masing tangtu ngahargaan kanyaah nu ditémbongkeun ku Yésus ieu. Tapi, urang kudu inget yén Kristus maot demi sadérék-sadérék urang ogé. Kumaha urang bisa némbongkeun kanyaah siga Kristus ka dulur saiman nu teu sampurna siga urang? Perhatikeun tilu carana. Kahiji, urang kudu daék campur gaul jeung jalma-jalma nu kasang tukangna béda jeung urang. (Rum 15:7; 2Kor 6:12, 13) Kadua, urang kudu ati-ati sangkan henteu ngomong atawa ngalakukeun hal nu nganyenyeri haté batur. (Rum 14:13-15) Katilu, lamun aya nu nyieun salah ka urang, urang kudu gancang ngahampura. (Luk 17:3, 4; 23:34) Lamun urang upaya pikeun nyonto Yésus ku cara-cara ieu, Yéhuwa bakal terus ngaberkahan sidang ku katengtreman jeung kasatunggalan.

TONGTON VIDÉO MENJADI LEBIH INDAH! JEUNG JAWAB PANANYA-PANANYA IEU:

  • Miki dibagéakeun di sidangna nu anyar

    Mimitina, kumaha parasaan Miki ka sidangna?

  • Miki keuheul ka sadérék-sadérék di sidang

    Ku naon parasaanana barobah?

  • Yésus tetep bageur ka para rasul sanajan maranéhna kasaréan

    Kumaha tuladan Yésus ngabantu Miki nyaluyukeun pandanganana? (Mar 14:38)

  • Miki seuri basa aya budak leutik nu nubruk manéhna nepi ka nyababkeun bajuna kotor lantaran inumeunana bahé

    Kumaha Siloka 19:11 ngabantu urang boga pandangan positif ka dulur saiman?

PIKEUN DIPIKIRKEUN:

Naha abdi teu ngahampura kasalahan batur nu sakuduna bisa dipopohokeun ku abdi?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun