HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | YOHANES 7-8
Yésus Méré Kamulyaan ka Bapana
7:15-18, 28, 29; 8:29
Dina kabéh ucap jeung lampahna, Yésus ngamulyakeun Bapana di sawarga. Anjeunna hayang jalma-jalma nyaho yén pangajaranana téh asalna ti Allah. Jadi, sakabéh pangajaran Yésus téh dumasar kana Kitab Suci. Anjeunna sering ngutip ayat-ayat tina Kitab Suci. Waktu dipuji ogé, Yésus embung narima éta pujian, tapi méré sakabéh kamulyaan ka Yéhuwa. Yésus boga tékad pikeun ngalaksanakeun sagala tugas ti Yéhuwa.—Yoh 17:4.
Kumaha urang bisa nyonto Yésus . . .
waktu ngajarkeun Alkitab ka batur jeung di mimbar?
waktu dipuji ku batur?
dina ngagunakeun waktu?