KAHIRUPAN KRISTEN
Sabilulungan Ngawawar di Daérah nu Ngagunakeun Loba Basa
Biasana jalma-jalma leuwih kataji kana warta hadé lamun ditepikeun dina basa maranéhna. Bisa jadi ieu alesanana ku naon dina Péntakosta 33 M, Yéhuwa ngatur sangkan ”urang Yahudi asal ti rupa-rupa nagara sakuliah dunya” ngadéngékeun warta hadé dina basa maranéhna masing-masing. (Ras 2:5, 8) Padahal, maranéhna bisa ngomong dina basa nu umum, misalna basa Ibrani atawa Yunani. Kiwari di daérah nu ngagunakeun loba basa, bisa jadi sababaraha sidang boga daérah dines nu sarua. Kumaha para pawarta di sidang-sidang éta bisa sabilulungan méré kasaksian, tapi henteu nepi ka patumpang-tindih sarta nyieun nu boga imahna keuheul?
Badamikeun (Sil 15:22): Para pangawas dines ti sidang-sidang kudu badami jeung néangan cara nu panghadéna pikeun nguarkeun warta hadé. Bisa jadi lamun daérah sidangna leutik, sidang-sidang dina basa séjén bisa ménta sangkan daérah dinesna teu diwawaran. Tapi lamun daérah dinesna jarauh jeung gedé teuing, bisa waé sidang éta ménta bantuan ka sidang Sadérék pikeun ngawawar ka unggal imah sarta méré nyaho lamun aya nu minat. (od-IN 93 ¶37) Atawa, bisa jadi sidang Sadérék dipénta bantuan pikeun néangan jalma-jalma nu ngagunakeun basa dina sidang éta sarta méré alamatna ka sidang éta. (km-IN 7/12 5, kotak) Tapi ulah poho, bisa waé di hiji imah, basa nu digunakeun téh leuwih ti hiji. Pituduh-pituduh nu dijieun ku para pangawas dines sakuduna henteu ngalanggar hukum ngeunaan cara ngagunakeun katerangan pribadi penduduk.
Sauyunan (Epe 4:16): Tuturkeun sing taliti pituduh ti pangawas dines. Naha aya palajar Alkitab Sadérék nu basa utamana téh lain basa sidang Sadérék? Bisa jadi, manéhna bakal leuwih gancang nyieun kamajuan lamun diajar ku sadérék ti kelompok atawa sidang dina basa manéhna.
Siapkeun saacanna (Sil 15:28; 16:1): Lamun jalma-jalma di daérah Sadérék ngagunakeun basa séjén, upayakeun sabisana pikeun nepikeun warta hadé ka manéhna. Sadérék bisa nyiapkeun heula, kira-kira bakal panggih jeung jalma nu ngomong basa naon. Sadérék ogé bisa nga-download heula Alkitab jeung vidéo-vidéo dina basa éta. Gunakeun aplikasi JW Language pikeun diajar carana ngucapkeun salam dina sababaraha basa.