KAHIRUPAN KRISTEN
”Paulus Muji Sukur ka Allah tur Jadi Teger”
Waktu dulur-dulur saiman di Rum ngadéngé yén Paulus rék datang, sababaraha sadérék indit sajauh kira-kira 64 km pikeun manggihan manéhna. Kumaha parasaan Paulus ningali kanyaah jeung pangorbanan maranéhna? ”Paulus muji sukur ka Allah, manahna senang dumeh iasa pendak jeung maranehna.” (Ras 28:15) Biasana Paulus nu nguatkeun sidang-sidang nu didatangan ku manéhna. Tapi ayeuna pas keur jadi tahanan, manéhna nu ditegerkeun ku dulur-dulur saiman.—2Kor 13:10.
Ayeuna gé pangawas wilayah datang ka sidang-sidang pikeun nguatkeun dulur-dulur saiman. Sarua siga kabéh umat Allah, sakapeung maranéhna ngarasa capé, hariwang, jeung leutik haté. Engké pas pangawas wilayah jeung pamajikanana datang ka sidang Sadérék, naon nu bisa dilakukeun ku Sadérék pikeun negerkeun maranéhna sangkan ”bisa silih kuatkeun”?—Rum 1:11, 12.
Miluan riungan dines lapangan. Pangawas wilayah dikuatkeun lamun ningali pawarta nyieun pangorbanan pikeun meunangkeun loba mangpaat tina kagiatan saminggu éta. (1Tes 1:2, 3; 2:20) Naha Sadérék bisa naratas ékstra dina bulan pangawas wilayah datang? Naha Sadérék bisa dines jeung pangawas wilayah sarta pamajikanana, atawa ngajak maranéhna ka palajar Alkitab? Maranéhna resep dines jeung pawarta nu béda-béda, kaasup nu anyar jeung nu ngarasa teu pati tarampil dina dines.
Bagéakeun maranéhna. Naha Sadérék bisa nyadiakeun pamondokan atawa dahareun? Ieu ngabuktikeun yén Sadérék nyaah ka maranéhna. Maranéhna henteu ngarepkeun Sadérék nyiapkeun sagala hal nepi ka répot.—Luk 10:38-42.
Déngékeun jeung turutan pituduh sarta naséhatna. Pangawas wilayah resep ngabantu urang mikirkeun naon nu bisa dilakukeun pikeun ningkatkeun palayanan. Sakapeung maranéhna bisa waé méré naséhat nu terus terang. (1Kor 5:1-5) Tapi lamun urang daék ngadéngékeun jeung nurut kana naséhatna, manéhna tangtu bungah.—Ibr 13:17.
Ngahaturkeun nuhun. Béré nyaho yén datangna pangawas wilayah jeung pamajikanana téh méré mangpaat ka Sadérék. Sadérék bisa ngucapkeunana langsung atawa liwat surat jeung kartu.—Kol 3:15.