HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | 1 KORINTA 10-13
Yéhuwa téh Satia
10:13
Sakapeung, bisa waé Yéhuwa nyingkirkeun cocoba urang. Tapi, Mantenna leuwih sering masihan ”jalan kaluarna” ku cara nyadiakeun naon nu dibutuhkeun ku urang supaya tabah nyanghareupan cocoba.
Mantenna bisa nengtremkeun haté, pikiran, jeung parasaan urang ngagunakeun Firman-Na, roh suci-Na, sarta kadaharan rohani.—Mat 24:45; Yoh 14:16; Rum 15:4
Mantenna bisa ngabingbing urang ngagunakeun roh suci-Na nu ngingetkeun urang kana ayat-ayat jeung prinsip-prinsip Alkitab supaya urang bisa nyieun putusan nu bijaksana.—Yoh 14:26
Mantenna bisa ngagunakeun malaikat-Na pikeun nulungan urang.—Ibr 1:14
Mantenna bisa ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun nulungan urang.—Kol 4:11