HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | 2 KORINTA 4-6
”Sim Kuring Tara Nepi ka Leutik Hate”
4:16-18
Bayangkeun dua kulawarga nu cicing di imah susun nu geus réyod jeung butut pisan. Kulawarga nu hiji geus pegat pangharepan, tapi nu hiji deui mani bagja. Ku naon bisa kitu? Sakeudeung deui, kulawarga nu kadua bakal pindah ka imah anyar nu alus.
Sanajan ”nepi ka wanci ieu saalam dunya humarurung ku kanyeri”, umat Allah tetep teger lantaran boga harepan. (Rum 8:22) Ayeuna gé urang ngalaman kasusah, malah aya nu geus mangpuluh-puluh taun. Tapi lamun dibandingkeun jeung berkah nu langgeng di Pirdaus, urang apal yén masalah urang téh ”henteu pira tur ngan pikeun saheulaanan”. Lamun urang terus mikirkeun berkah-berkah Karajaan, urang bakal terus bagja jeung moal nyerah.