KAHIRUPAN KRISTEN
Sadérék Bisa Tabah Nyanghareupan ”Cucuk di Jero Awak”!
Dina ahir jaman ieu, kabéh umat Allah ngalaman masalah beurat nu ibarat cucuk di jero awak. (2Tim 3:1) Kumaha urang bisa terus ngandel ka Yéhuwa sangkan sanggup nyanghareupan masalah-masalah ieu? Tongton vidéo ”Nu Lolong Bakal Bisa Nenjo” pikeun ningali upaya Talita Alnashi jeung kolotna, terus jawab pananya-pananya di handap:
Naon nu jadi ”cucuk di jero awak” Talita?
Naon waé jangji Alkitab nu ngabantu Talita jeung kolotna tetep boga sikep nu positif?
Kumaha kolot Talita ngandel ka Yéhuwa sanggeus Talita dioperasi?
Kumaha kolot Talita ngagunakeun sasadiaan ti organisasi pikeun ngabantu Talita nyaah ka Allah?
Sanajan boga ”cucuk di jero awak”, kumaha Talita némbongkeun yén manéhna terus rumaket ka Allah?
Kumaha tuladan Talita ngagedékeun haté Sadérék?