PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb19 Juni kaca 8
  • Meunangkeun Leuwih Loba Mangpaat tina Palajaran Pribadi

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Meunangkeun Leuwih Loba Mangpaat tina Palajaran Pribadi
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
  • Bahan nu Sarupa
  • Siga Kumaha Palajaran Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa?
    Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
  • Cara Diajar Sadérék Bisa Leuwih Hadé
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
  • Kumaha Supaya Anjeun Teu Eureun Diajar Alkitab?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
mwb19 Juni kaca 8

KAHIRUPAN KRISTEN

Meunangkeun Leuwih Loba Mangpaat tina Palajaran Pribadi

KU NAON PENTING? Palajaran pribadi ngabantu urang ”neuleuman legana jeung panjangna, luhurna jeung jerona” bebeneran. (Epe 3:18) Urang ogé bisa tetep ngajalankeun hirup nu bener jeung teu ngalakukeun nu goréng sanajan aya di dunya nu jahat, sarta bisa ’nambahan pangaweruh’ Firman Allah. (Pil 1:9) Waktu palajaran pribadi, urang bisa milih bahan nu luyu jeung pangabutuh urang. Kumaha carana meunangkeun mangpaat saloba-lobana tina palajaran pribadi?

CARANA:

  • Tandaan ayatna jeung jieun catetan, boh dina Alkitab Sadérék boh dina Alkitab éléktronik

  • Bari maca Firman Allah, pikirkeun, ’Saha? Naon? Iraha? Di mana? Ku naon? Kumaha?’

  • Téangan fakta-faktana. Gunakeun alat risét nu aya ku cara néangan topik atawa ayatna

  • Lenyepan nu dibaca supaya paham kumaha carana ngalarapkeun éta palajaran

  • Larapkeun palajaranana dina kahirupan sapopoé.​—Luk 6:47, 48

TONGTON VIDÉO ’TAMBAH PANGAWERUH’ KU CARA PALAJARAN PRIBADI NU ALUS, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Ceuk sababaraha jalma, naon mangpaatna palajaran pribadi?

  • Unggal rék palajaran pribadi, ku naon urang sakuduna ngadoa heula?

  • Naon nu bisa ngabantu urang leuwih ngarti kana Alkitab?

  • Kumaha urang bisa nandaan Alkitab sorangan?

  • Ku naon penting pikeun ngalenyepan waktu maca Firman Allah?

  • Sanggeus palajaran pribadi, naon nu kudu dilakukeun ku urang?

Saurang sadérék istri keur palajaran pribadi nu jero; saurang sadérék nandaan Alkitabna; saurang sadérék istri keur némbongkeun catetan dina Alkitabna ka dua lalaki; saurang sadérék keur ngadoa

”Kumaha cintana abdi kana hukum Gusti, sadinten jeput kaemut-emut.”​—Jab 119:97

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun