PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb19 Juni kaca 7
  • Sing Bijaksana dina Milih Hiburan

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sing Bijaksana dina Milih Hiburan
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
  • Bahan nu Sarupa
  • Pilih Hiburan nu Nyenangkeun Yéhuwa
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Carana Milih Hiburan
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
  • Ngabakti Ngan ka Yéhuwa
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
mwb19 Juni kaca 7

KAHIRUPAN KRISTEN

Sing Bijaksana dina Milih Hiburan

Ku naon urang kudu bijaksana dina milih hiburan? Sabab eusi film, musik, situs Internét, buku, atawa video game téh bakal asup kana pikiran urang, jeung mangaruhan laku lampah urang. Hanjakalna, loba hiburan ayeuna téh dipikaijid ku Yéhuwa. (Jab 11:5; Gal 5:19-21) Ku kituna, Alkitab ngadesek urang pikeun terus mikirkeun hal-hal nu ngamulyakeun Yéhuwa.​—Pil 4:8.

TONGTON VIDÉO HIBURAN SIGA KUMAHA NU KUDU DIPILIH KU ABDI?, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Tongtonan gladiator di Rum

    Naon sasaruaanana tongtonan gladiator di Rum jaman baheula jeung hiburan di jaman ayeuna?

  • Saurang panaratas dines jeung sadérék ngora di sidang

    Ku cara naon waé anggota sidang bisa ngabantu budak ngora supaya bijaksana dina milih hiburan?

  • Saurang tantara

    Kumaha Rum 12:9 bisa ngabantu urang milih hiburan?

  • Barudak ngora Saksi maén bola

    Sebutkeun sababaraha hiburan nu alus di daérah Sadérék.

HIBURAN NU AKTIF ATAWA PASIF?

Loba hiburan di jaman ayeuna nyieun jalma-jalma jadi pasif, nyaéta saukur maca atawa nongton hal-hal nu dilakukeun ku batur. Hiburan siga kitu henteu ngajurung jalma jadi aktif, atawa daék ngalakukeun rupa-rupa kagiatan. Film, buku, jeung acara TV téh némbongkeun pamikiran batur, lainna pamikiran urang sorangan. Loba jalma ngarasa yén hiburan nu nyieun maranéhna aktif téh leuwih mangpaat ti batan hiburan nu pasif. Misalna, aya nu resep maén musik atawa ngagambar. Aya ogé nu resep rékréasi di alam, siga olahraga, nanjak gunung, atawa mondok dina ténda. Mugia hiburan nu dipilih ku urang téh ”reujeung maksud ngamulyakeun ka Allah”.​—1Kor 10:31.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun