HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | 1 TESALONIKA 1-5
’Sing Terus Silih Tegeran jeung Silih Tulungan’
5:11-14
Unggal urang Kristen bisa nguatkeun dulur saimanna. Contona, urang bisa nguatkeun dulur-dulur saiman ku cara rutin masamoan sarta miluan dines, sanajan keur boga masalah kaséhatan atawa masalah séjén. (1 Tes 2:2) Saacan ngomong gé, urang bisa mikirkeun kekecapan urang atawa ngarisét heula supaya bisa nguatkeun maranéhna.
Di mana Sadérék bisa manggihan informasi pikeun nguatkeun dulur saiman nu keur nyanghareupan hiji masalah?
Sadérék hayang nguatkeun saha di sidang?