KAHIRUPAN KRISTEN
Sadérék Bisa Diajar Naon ti Maranéhna?
Naha Sadérék kakara dilantik jadi palayan sidang atawa kokolot? Bisa jadi Sadérék boga kamampuh, kaahlian, atawa élmu nu teu dipiboga ku palayan sidang atawa kokolot séjénna. Sanajan kitu, Sadérék bisa diajar loba hal ti maranéhna. Sadérék ogé bisa diajar ti sadérék-sadérék satia nu geus teu jadi kokolot deui lantaran umur, kaséhatan, atawa tanggung jawab kulawarga.
TONGTON VIDÉO SING HORMAT KA PRIYA-PRIYA NU SATIA, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA IEU:
1. Naon nu nunjukkeun yén Sadérék Richard ngahormat ka Sadérék Edo?
2. Naon kasalahan Ben, jeung ku naon manéhna ngalakukeun éta?
3. Ben diajar naon tina tuladan Élisa?
4. Teu sual Sadérék téh priya atawa wanita, kumaha Sadérék bisa ngahargaan sadérék-sadérék nu satia jeung bisa diajar ti maranéhna?