KAHIRUPAN KRISTEN
Ngabakti ka Allah atawa Ngalatih Awak
Naha ngalatih awak téh aya mangpaatna? Aya, tapi mangpaatna teu saloba lamun urang nguatkeun sosobatan jeung Yéhuwa. (1Tim 4:8) Ku kituna, urang Kristen bakal boga sikep nu saimbang ngeunaan olahraga.
TONGTON VIDÉO ANIMASI PAPAN TULIS HAL PENTING NGEUNAAN OLAHRAGA, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA IEU:
1. Urang bisa boga kamampuh naon waé lamun olahraga?
2. Tilu hal naon nu bisa ngabantu urang nangtukeun, mana olahraga nu alus jeung nu henteu?
3. Kumaha Jabur 11:5 ngabantu urang nangtukeun olahraga naon nu bisa dilakukeun jeung ditongton ku urang?
4. Numutkeun Pilipi 2:3 jeung Siloka 16:18, urang kudu kumaha waktu olahraga?
5. Kumaha Pilipi 1:10 méré naséhat sangkan urang teu méakkeun loba teuing waktu pikeun olahraga atawa lalajo acara olahraga?