PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb19 Agustus kaca 3
  • Pék Babaturan jeung Jalma-Jalma nu Nyaah ka Yéhuwa

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Pék Babaturan jeung Jalma-Jalma nu Nyaah ka Yéhuwa
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
  • Bahan nu Sarupa
  • Yoyada nu Wani
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Sing Bijaksana Milih Babaturan
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
mwb19 Agustus kaca 3

KAHIRUPAN KRISTEN

Pék Babaturan jeung Jalma-Jalma nu Nyaah ka Yéhuwa

Ku naon urang kudu babaturan jeung jalma-jalma nu nyaah ka Yéhuwa? Sabab pergaulan bisa mawa pangaruh alus atawa goréng ka urang. (Sil 13:20) Misalna, salila babaturan jeung Imam Agung Yoyada, Raja Yoas ngalampahkeun hal-hal nu nyukakeun haté Yéhuwa. (2Bab 24:2) Tapi sanggeus Yoyada maot, Yoas kabawakeun ku pergaulan nu goréng, terus ninggalkeun Yéhuwa.​—2Bab 24:17-19.

Dina abad kahiji, Rasul Paulus nyaruakeun sidang Kristen jeung ”hiji imah gede”, ari anggota sidang disaruakeun jeung parabot dina éta imah. Urang bisa tetep jadi parabot nu ”dipake pikeun pagawean anu penting” lamun ngajauhan pergaulan nu goréng jeung saha waé, kaasup kulawarga urang atawa anggota sidang nu ngalakukeun hal nu dipikaijid ku Yéhuwa. (2Tim 2:20, 21) Mugia urang terus babaturan jeung jalma-jalma nu nyaah ka Yéhuwa sarta ngajurung urang pikeun ngawula Mantenna.

TONGTON VIDÉO JAUHAN PERGAULAN NU GORÉNG, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA IEU:

  • Kumaha urang bisa sacara teu sadar méakkeun waktu jeung jalma-jalma nu mawa pangaruh goréng?

  • Dina vidéo ieu, naon nu ngabantu tilu sadérék éta pikeun ngajauhan pergaulan goréng?

  • Prinsip Alkitab naon waé nu bisa ngabantu Sadérék bijaksana dina milih babaturan?

John méré anggur ka langgananna di réstoran; Kristin keur ningalian sosial média; Jayden keur maén game online; Kristin, Jayden, sarta John jeung kulawargana, keur masamoan

Naha abdi téh parabot nu ”dipake pikeun pagawean anu penting”? —2Tim 2:21

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun