PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb19 Agustus kaca 8
  • Pagawéan Hadé nu Moal Bakal Dipopohokeun

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Pagawéan Hadé nu Moal Bakal Dipopohokeun
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
  • Bahan nu Sarupa
  • Naon Bétel téh?
    Saha Nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
mwb19 Agustus kaca 8
Saurang sadérék istri digawé di dapur Bétel

KAHIRUPAN KRISTEN

Pagawéan Hadé nu Moal Bakal Dipopohokeun

Kabéh umat Yéhuwa bisa ngalakukeun hal-hal nu bakal diinget salawasna ku Mantenna. Saurang kolot nu nyaahan pasti moal mopohokeun hal-hal hadé nu geus dilakukeun ku budakna. Kitu ogé, Yéhuwa moal mopohokeun kanyaah jeung hal-hal nu dilakukeun ku urang demi nami-Na. (Mat 6:20; Ibr 6:10) Mémang, kaayaan jeung kamampuh urang béda-béda. Tapi lamun urang méré nu panghadéna ka Yéhuwa, urang bisa bungah. (Gal 6:4; Kol 3:23) Salila mangtaun-taun, aya loba sadérék nu geus ngawula di Bétel. Naha Sadérék bisa jadi sukarélawan di Bétel? Lamun henteu, naha Sadérék bisa ngajurung batur pikeun ngawula di Bétel, atawa ngabantu anggota kulawarga Bétel supaya bisa terus ngawula di ditu?

TONGTON VIDÉO SIAPKEUN DIRI PIKEUN NGAWULA DI BÉTEL, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Naon sakuduna alesan urang hayang ngawula di Bétel?

  • Kumaha sadérék-sadérék dina éta vidéo nyaritakeun berkahna ngawula di Bétel?

  • Naon waé sarat pikeun ngawula di Bétel?

  • Kumaha Sadérék bisa ngadaptar pikeun ngawula di Bétel?

Tilu anggota Bétel keur gawé bareng maké komputer; saurang sadérék keur mindahkeun dus bacaan; saurang sadérék nyieun barang tina kai di Bétel

Sarat-sarat pikeun asup kana Dines Bétel

  • Bener-bener mikanyaah Yéhuwa jeung organisasi-Na

  • Boga papakon moral nu luhur jeung haté sanubari nu bersih di hareupeun Yéhuwa

  • Papakéan jeung dangdananana pantes pikeun urang Kristen

  • Milih hiburan nu cocog pikeun urang Kristen

  • Biasana umurna antara 19 nepi ka 35 taun

  • Boga méntal, émosi, jeung awak nu séhat

  • Bisa maca, nulis, jeung ngomong dina basa nu dipaké ku kantor cabang

  • Daék ngawula sahenteuna pikeun sataun

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun