KAHIRUPAN KRISTEN
Kudu Terus Mikirkeun Hal-Hal Ieu
Hal-hal naon? Pilipi 4:8 ngajurung urang pikeun mikirkeun hal-hal nu hadé, penting, bener, suci, ngajurung kana kanyaah ka Allah, kahormat, jeung layak dipuji. Mémang, éta lain hartina urang Kristen kudu mikirkeun Alkitab unggal waktu. Tapi, hal-hal nu dipikirkeun ku urang sakuduna nyukakeun haté Yéhuwa. Ulah nepi ka eusi pikiran urang ngalemahkeun tékad urang pikeun satia ka Mantenna.—Jab 19:15.
Bisa jadi, hésé pikeun miceun pikiran-pikiran nu salah. Musuh urang téh lain ngan awak urang nu teu sampurna wungkul, tapi ogé Sétan, ”ilah jahat ieu dunya”. (2Kor 4:4) Eusi acara TV, radio, Internét, jeung bacaan-bacaan téh lolobana goréng lantaran éta kabéh dikawasaan ku Sétan. Lamun urang teu milih-milih heula naon nu rék dipikirkeun ku urang, pikiran urang bisa ruksak. Tungtungna, éta bakal mangaruhan tindakan urang.—Yak 1:14, 15.
TONGTON VIDÉO HINDARI HAL-HAL YANG MENGIKIS KELOYALAN—HIBURAN YANG TIDAK PANTAS, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:
Naon nu keur ditingali ku sadérék ieu dina HP-na, jeung naon pangaruhna?
Kumaha manéhna dibantu ku ayat-ayat dina Galata 6:7, 8 jeung Jabur 119:37?