HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | WAHYU 1-3
”Kami Nyaho Kumaha Panggawe Maneh”
”Tujuh bentang”: Para kokolot nu diistrénan, sarta bisa ogé ngamaksudkeun kabéh kokolot
”Dina leungeun katuhu [Yésus]”: Béntang-béntang ieu diatur, dikawasaan, jeung dibingbing ku Yésus. Lamun aya kokolot nu perlu dikoréksi, Yésus bakal mastikeun yén éta kokolot meunang koréksi dina waktuna jeung ku cara nu cocog
”Tujuh suku lampu emas”: Sidang-sidang Kristen. Saperti suku lampu di tabernakel nyaangan sakurilingna, sidang-sidang Kristen gé bakal jadi caang bebeneran ti Allah. (Mat 5:14) Yésus ”leumpang di antara” tujuh suku lampu, maksudna téh anjeunna merhatikeun sagala nu kajadian di unggal sidang