HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | KAJADIAN 9-11
”Jelema-Jelema Sadunya, Ngaromongna Sabasa”
Baheula, jalma-jalma di Babul nu teu taat dijieun papencar ku Yéhuwa. Basa nu dipaké ku maranéhna disina kacow. Kiwari, Mantenna keur ngumpulkeun jalma-jalma ti sagala bangsa jeung basa, tuluy maranéhna dibéré ”basa nu murni” supaya bisa ”sasambat ka Yéhuwa pikeun babarengan ngalalayanan Mantenna”. (Sep 3:9, NW; Wahyu 7:9) ”Basa nu murni” ieu téh nyaéta bebeneran ngeunaan Yéhuwa jeung tujuana-Na nu dicatet dina Alkitab.
Diajar basa nu anyar téh teu cukup ngan saukur ngapalkeun kecap-kecap nu anyar, tapi urang ogé kudu diajar cara pikir nu anyar. Sarupa kitu, waktu urang diajar basa nu murni, nyaéta bebeneran, urang gé kudu ngarobah cara pikir urang. (Rum 12:2) Ieu téh prosés nu terus lumangsung nu ngahijikeun umat Allah.—1Kor 1:10.