KAHIRUPAN KRISTEN
Saha nu Rék Diondang?
Unggal taun, urang nyieun upaya husus pikeun ngondang jalma-jalma di daérah urang ka acara Pangéling-ngéling. Lolobana mah lain kenalan urang. Tapi, urang gé kudu ngondang jalma nu dikenal ku urang. Jalma nu diondang ku nu kenal biasana leuwih daék datang. (yb08-IN 11 ¶3; 14 ¶1) Saha waé nu bisa diondang ku Sadérék?
Baraya
Batur gawé atawa batur sakola
Tatangga
Jalma nu osok didatangan ku urang, palajar Alkitab, jeung jalma nu pernah diajar Alkitab
Salian ti éta, para kokolot ogé bisa bakal ngondang jalma-jalma nu teu aktif. Kumaha lamun kenalan Sadérék cicingna di daérah sidang séjén? Sadérék bisa néangan waktu jeung tempat diayakeunana Pangéling-ngéling di daérah manéhna tina situs Internét urang. Buka bagian NGEUNAAN URANG dina jw.org, klik bagian ”Pangéling-ngéling”. Bari nyiapkeun diri pikeun Pangéling-ngéling taun ieu, pikirkeun ogé saha nu rék diondang ku Sadérék, tuluy ondang maranéhna.