KAHIRUPAN KRISTEN
Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang-Ngawawar ka Kaom Tunanétra
KU NAON PENTING: Loba jalma tunanétra ngarasa éra lamun ngobrol jeung jalma nu can dikenal. Ku kituna, dibutuhkeun katarampilan pikeun méré kasaksian ka maranéhna. Yéhuwa nyaah jeung perhatian ka jalma tunanétra. (Ima 19:14) Urang bisa nyonto tuladan Yéhuwa ku cara ngabantu jalma nu tunanétra diajar ngeunaan Mantenna.
CARANA:
”Téangan” maranéhna. (Mat 10:11) Naha aya kenalan Sadérék nu anggota kulawargana téh tunanétra? Naha di daérah Sadérék aya sakola, panti tunanétra atawa fasilitas séjénna nu resep narima publikasi nu dirancang husus keur jalma tunanétra?
Témbongkeun minat. Lamun Sadérék soméah jeung nunjukkeun perhatian ka maranéhna, maranéhna moal sieun ka Sadérék. Mimitian obrolan ngagunakeun topik nu dipikaresep ku maranéhna
Bantu maranéhna diajar ngeunaan Yéhuwa. Pikeun ngabantu jalma-jalma nu tunanétra atawa nu hésé ningali, organisasi geus nyadiakeun bacaan dina rupa-rupa format. Tanyakeun ka maranéhna rék maké alat bantu naon diajarna. Pangawas dines kudu mastikeun yén hamba léktur mesen bacaan dina format nu dipilih ku saurang tunanétra