PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb20 April kaca 7
  • Singkirkeun Patung Allah-Allah Asing

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Singkirkeun Patung Allah-Allah Asing
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
  • Bahan nu Sarupa
  • Naha Hal-Hal Gaib téh Ngan Saukur Hiburan nu Teu Bahaya?
    Pananya Budak Ngora
  • Tarima Bantuan Yéhuwa pikeun Ngalawan Roh-Roh Jahat
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
  • Ngabakti Ngan ka Yéhuwa
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
  • Yakub Akur Deui jeung Ésau
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
Tingali Ogé
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
mwb20 April kaca 7
Saurang lalaki keur miceun kongkorong nu aya patalina jeung spiritisme.

KAHIRUPAN KRISTEN

Singkirkeun Patung Allah-Allah Asing

Yakub nyaho ngan Yéhuwa nu layak disembah sanajan harita Mantenna can nyadiakeun hukum nu ngalarang nyembah brahala. (Bud 20:3-5) Jadi, sanggeus Yéhuwa nitah manéhna balik ka Bétel, Yakub maréntahkeun saeusi rumah tanggana pikeun ngumpulkeun brahala-brahala nu ahirna dipiceun ku Yakub. Éta kaasup anting-anting nu katingalina dijadikeun jimat. (Kaj 35:1-4) Yéhuwa pasti resep kana tindakan Yakub.

Ayeuna, kumaha urang bisa ngabuktikeun yén urang ngan nyembah ka Yéhuwa? Mimitina, singkirkeun sagala hal nu aya patalina jeung ibadah ka brahala atawa spiritisme. Ieu kaasup nyingkirkeun sagala hal nu aya patalina jeung élmu gaib sarta mariksa hiburan nu dipilih ku urang. Pék pikirkeun; ’Naha abdi resep kana buku atawa film nu nyaritakeun ngeunaan vampir, zombi, atawa mahluk supernatural? Naha dina hiburan abdi, sihir, jampé-jampé, atawa kutukan dianggap pikaresepeun jeung teu bahaya?’ Urang sakuduna ngajauhan sagala hal nu dipikaijid ku Yéhuwa.​—Jab 97:10.

TONGTON VIDÉO ”IBLIS KUDU DILAWAN”, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Orok ngagolér dina kasur, aya jimat dina pananganana. Di tukang, indungna nu keur diajar Alkitab ngobrol jeung hiji pasangan nu sok mandu palajaran Alkitab jeung manéhna.

    Masalah naon nu keur disanghareupan ku saurang palajar Alkitab nu ngaranna Palesa?

  • Pasangan éta jeung si palajar Alkitab ménta bantuan ka dua kokolot.

    Ku naon bijaksana pikeun ménta bantuan kokolot waktu urang atawa palajar Alkitab diganggu ku roh-roh jahat?

  • Palajar Alkitab éta ngaduruk jimat orokna dina tungku.

    Lawan si Iblis jeung sing raket ka Allah.​—Yak 4:7, 8

    Lamun hayang dilindungan ku Yéhuwa, hal naon waé nu kudu dipiceun ku urang?

  • Palesa wani nyieun tindakan naon?

  • Di daérah Sadérék, naon nu bisa dilakukeun pikeun nyingkahan pangaruh roh-roh jahat?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun