KAHIRUPAN KRISTEN
Bayangkeun Unggal Rincianana
Waktu maca Alkitab, Sadérék perlu ngabayangkeun kabéh kajadianana. Pék tingali kontéks ayatna, saha waé tokoh-tokohna, sarta ku naon manéhna ngalakukeun hiji tindakan. Pikirkeun siga kumaha kaayaanana, déngékeun sorana, ambeuan bauna, sarta bayangkeun kumaha parasaan tokoh-tokohna.
TONGTON VIDÉO TINGKATKAN MUTU PEMBACAAN ALKITAB SAUDARA—CUPLIKAN, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:
Bisa jadi, ku naon anggota kulawarga Yusup sok teu akur?
Bisa jadi, ku naon dulur-dulur Yusup sok kabawa émosi jeung teu mikirkeun heula balukar tina tindakanana?
Urang bisa diajar naon tina conto Yakub, bapana Yusup?
Naon nu diajarkeun Yakub ka barudakna ngeunaan carana ngaréngsékeun masalah?
Sadérék meunang mangpaat naon tina vidéo ieu?