HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | KAJADIAN 44-45
Yusup Daék Ngahampura Lanceuk-lanceukna
Ngahampura batur téh teu gampang, komo deui mun manéhna ngahaja nganyenyeri urang. Tapi, ku naon Yusup bisa ngahampura sanajan lanceuk-lanceukna jahat?
Yusup néang dasar pikeun ngahampura lanceuk-lanceukna. Jadi Yusup embung ngabales maranéhna.—Jab 86:5; Luk 17:3, 4
Yusup nyonto Yéhuwa nu hampuraan sarta teu teterusan nyimpen kakeuheul.—Mika 7:18, 19
Kumaha urang bisa nyonto Yéhuwa nu hampuraan?