KAHIRUPAN KRISTEN
Urang Bisa Diajar Naon ti Sadérék Urang nu Geus Pangalaman?
Bisa jadi di sidang aya sadérék nu geus ngawula Yéhuwa mangpuluh-puluh taun. Urang bisa diajar ti pangalaman maranéhna nu satia ngandelkeun Yéhuwa. Urang bisa nanyakeun sajarah organisasi Yéhuwa sarta kumaha Yéhuwa nulungan maranéhna waktu nyanghareupan masalah. Dina Ibadah Kulawarga gé, urang bisa ngondang maranéhna pikeun nyaritakeun pangalamanana.
Mun Sadérék boga loba pangalaman, pék caritakeun ka nu masih ngora. Éta nu dilakukeun Yakub jeung Yusup ka kulawargana nu masih ngora. (Kaj 48:21, 22; 50:24, 25) Yéhuwa hayang kapala kulawarga nyaritakeun ngeunaan lalampahan Yéhuwa nu luar biasa ka kulawargana. (Pam 4:9, 10; Jab 78:4-7) Ayeuna ogé, kolot jeung nu geus pangalaman bisa nyaritakeun ka budak ngora di sidang ngeunaan naon waé nu dilakukeun ku Yéhuwa dina organisasi-Na.
TONGTON VIDÉO TETAP BERSATU DI BAWAH PELARANGAN, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:
Kumaha kantor cabang Austria nulungan sadérék-sadérék di nagri-nagri nu kagiatanana dilarang?
Kumaha sadérék-sadérék di nagri-nagri nu dilarang ngajaga imanna tetep kuat?
Ku naon sadérék-sadérék di Rumania misahkeun diri ti organisasi Yéhuwa? Kumaha maranéhna balik deui ka organisasi Yéhuwa?
Kumaha pangalaman ieu nguatkeun iman Sadérék?
Pék diajar tina pangalaman sadérék-sadérék nu geus kolot.