KAHIRUPAN KRISTEN
Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Ngawawar Liwat Kaméra atawa Interkom
KU NAON PENTING? Ayeuna, téknologi beuki maju jeung kajahatan beuki loba. Ku kituna, loba jalma masang kaméra jeung interkom di imahna. Bisa jadi, urang ngarasa degdegan lamun kudu ngawawar ka jalma nu teu bisa ditingali ku urang, padahal manéhna bisa ningali urang. Di handap ieu, aya sababaraha saran nu bisa ngabantu urang leuwih wani dina ngawawar liwat kaméra atawa interkom.
CARA NGALAKUKEUNANA:
Ulah goréng sangka. Loba jalma nu boga kaméra atawa interkom di imahna sabenerna daék diajak ngobrol ku urang
Sing inget, aya kaméra nu bisa ngarekam urang sanajan urang can mencét bél di imahna. Bisa jadi pas urang mimiti nepi ka éta imah, nu bogana téh geus ngadéngékeun jeung ningalikeun urang ti saacanna
Waktu nu boga imah némbalan, Sadérék bisa langsung ngomong kana interkom atawa kaméra. Anggap wé siga keur ngomong langsung di hareupeun nu boga imah. Ulah poho seuri, sikep Sadérék gé sing sawajarna. Sadérék gé ulah deukeut teuing kana kaméra. Lamun nu boga imah teu ngajawab, ulah ninggalkeun pesen
Sanggeus bérés ngobrol, inget yén nu boga imah bisa jadi masih ningalikeun jeung ngadéngékeun Sadérék