HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | BUDALAN 39-40
Musa Nuturkeun Unggal Pituduh ti Yéhuwa
Musa bener-bener nuturkeun pituduh ti Yéhuwa kaasup unggal rincian pikeun nyieun jeung masang tabernakel. Kitu ogé, urang kudu ngadéngékeun unggal pituduh ti organisasi Yéhuwa. Urang moal ngaengké-engké jeung urang réla ngajalankeunana. Ieu téh kaasup waktu pituduh éta katingali teu pati penting atawa waktu urang teu paham ku naon pituduh éta dijieun.—Luk 16:10.
Ku naon urang sakuduna ngadéngékeun jeung nuturkeun pituduh . . .
dina riungan dines lapangan?
pikeun nyiapkeun dokumén-dokumén médis?
pikeun nyiapkeun diri keur nyanghareupan bencana?