HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | IMAMAT 1-3
Tujuan Diayakeunana Kurban
Dina Hukum Musa aya paréntah keur méré kurban. Kurban-kurban ieu téh nyenangkeun Yéhuwa sarta ngagambarkeun pangorbanan Yésus jeung mangpaatna.—Ibr 8:3-5; 9:9; 10:5-10.
Sato nu dikurbankeun ka Yéhuwa kudu séhat jeung taya cacadna. Yésus ogé ngurbankeun dirina nu sampurna jeung taya cacadna.—1Pet 1:18, 19; tingali gambar dina kaca hareup
Dina kurban beuleuman, sakabéh bagian tina kurban kudu dibaktikeun keur Yéhuwa. Kahirupan Yésus ogé dibaktikeun keur Yéhuwa
Sanggeus méré kurban panarima ka Allah, jalma-jalma dirukunkeun deui jeung Allah. Jalma-jalma nu diistrénan nu ngadahar jeung nginum lambang-lambang dina Jamuan Wengi Jungjunan ogé geus dirukunkeun deui jeung Allah