PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb20 Nopémber kaca 7
  • Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Ngawawar Maké Telepon

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Ngawawar Maké Telepon
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
  • Bahan nu Sarupa
  • Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Ngagunakeun JW.ORG
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2018
  • Cara nu Hadé pikeun Mandu Riungan Dines Lapangan
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
  • Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang—Ngadatangan Deui
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
mwb20 Nopémber kaca 7
Gambar: Saurang sadérék ngora ngawawar maké telepon bareng jeung salaki pamajikan nu geus kolot. 2. Bapa-bapa nu ditelepon ngadéngékeun pesen sadérék éta.

KAHIRUPAN KRISTEN

Ningkatkeun Kamampuh Dines Urang​—Ngawawar Maké Telepon

KU NAON PENTING? Ngawawar maké telepon téh salah sahiji cara alus pikeun ”mertelakeun Injil”. (Ras 20:24)a Ku cara ieu, urang tetep bisa ngawawar sanajan kaayaan nyababkeun urang teu bisa manggihan maranéhna.

CARANA:

  • Sadérék ngora éta nyieun persiapan heula ku néangan ayat-ayat jeung nyieun catetan singget.

    Siapkeun. Pilih hiji topik nu cocog. Siapkeun kekecapan nu rék diomongkeun. Siapkeun ogé kekecapan singget lamun Sadérék kudu ninggalkeun pesen di mesin penjawab telepon. Misalna, ngeunaan tujuan Sadérék nelepon. Alusna Sadérék nelepon di hareupeun méja bari diuk. Jadi, Sadérék bisa bari ningali catetan jeung bahan-bahan nu dibutuhkeun tina JW Library® atawa jw.org®

  • Sadérék ngora éta maturan sadérék nu geus kolot waktu ngawawar liwat telepon.

    Sing tenang. Ngomongna sing tenang, ulah poho seuri. Anggap manéhna keur aya di hareupeun Sadérék. Ngomongna ulah putus-putus supaya teu karagok. Sadérék bisa ngawawar bareng jeung sadérék séjén. Lamun nu boga imah nanyakeun hiji hal, Sadérék bisa ngulang deui pananyana, supaya nu maturan sadérék bisa mantuan néangan jawabanana

  • Sadérék ngora éta ngabagikeun link vidéo tina jw.org.

    Upayakeun supaya bisa ngobrol deui. Lamun nu ditelepon katingalina resepeun, Sadérék bisa méré pananya keur dibahas engké pas nelepon deui. Sadérék ogé bisa nawarkeun bacaan pikeun dikirim liwat e-mail atawa dianteur ka imahna. Atawa, tawarkeun artikel atawa vidéo pikeun dikirim liwat e-mail, SMS, atawa chat

a Lamun di nagri Sadérék kasaksian liwat telepon bisa dilakukeun, pariksa heula undang-undang perlindungan data di daérah Sadérék.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun