HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | IMAMAT 12-13
Diajar tina Hukum ngeunaan Lépra
Kumaha hukum ngeunaan panyakit lépra ngajar urang pikeun ngalindungan kaséhatan rohani?
Yéhuwa méré pituduh ka para imam ngeunaan lépra. Jadi, para imam kudu geura mariksa lamun aya nu katingalina katerap panyakit lépra. Ayeuna, para kokolot ogé kudu geura nulungan saha waé nu butuh bantuan rohani.—Yak 5:14, 15.
Baheula, urang Israil kudu ngamusnakeun barang-barang nu beunang ku lépra supaya euweuh nu katépaan. Urang Kristen gé kudu réla miceun hal-hal nu bisa ngagoda manéhna nyieun dosa, sanajan éta téh dipikaresep. (Mat 18:8, 9) Misalna kabiasaan, pergaulan, atawa hiburan.
Lamun hayang dibantu ku Yéhuwa, kumaha sakuduna sikep urang Kristen?