PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb21 Januari kaca 5
  • Kuatkeun Perkawinan Sadérék

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kuatkeun Perkawinan Sadérék
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
  • Bahan nu Sarupa
  • Sanggeusna Nikah
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Perkawinan?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
mwb21 Januari kaca 5
Salaki resep mantuan pamajikanana nyeuseuh baju.

KAHIRUPAN KRISTEN

Kuatkeun Perkawinan Sadérék

Keur Yéhuwa, ikrar perkawinan téh sérius pisan. Yéhuwa hayang salaki pamajikan terus babarengan salilana. (Mat 19:5, 6) Aya loba umat Allah nu perkawinanana bagja. Tapi, euweuh perkawinan nu sampurna. Sakapeung sok aya waé masalah. Urang tangtu moal kapangaruhan ku jalma réa nu sok ngaréngsékeun masalah ku pepegatan jeung pipisahan. Kumaha pasangan Kristen bisa ngajaga perkawinanana?

Perhatikeun lima carana.

  1. Jaga haté ku cara henteu ngagoda batur jeung henteu nongton hiburan nu cabul lantaran bisa ngaruksak perkawinan.​—Mat 5:28; 2Pet 2:14.

  2. Kuatkeun sosobatan jeung Allah sarta témbongkeun yén Sadérék hayang nyenangkeun Allah.​—Jab 97:10.

  3. Terus mekarkeun sipat-sipat nu leuwih hadé jeung jieun kahadéan nu leutik tapi bisa nyenangkeun batur hirup.​—Kol 3:8-10, 12-14.

  4. Silih hargaan jeung terus jaga komunikasi nu alus.​—Kol 4:6.

  5. Jalankeun kawajiban perkawinan ku cara nu lemah lembut jeung nyaahan.​—1Kor 7:3, 4; 10:24.

Lamun urang ngahargaan perkawinan, urang ngahargaan Yéhuwa, Nu Nyiptakeun perkawinan.

TONGTON VIDÉO URANG KUDU TABAH—TAAT KANA ATURAN BALAP LUMPAT, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:

  • Gambar tina vidéo ’Teu Nyerah Dina ’Nempuh Pangbalapan’—Nuturkeun Aturanana.’ Salaki pamajikan nu bungah pisan sanggeus hutbah perkawinan maranéhna.

    Sanajan mimitina perkawinan téh lancar, naon waé masalah nu bisa muncul?

  • Gambar tina vidéo ’Teu Nyerah Dina ’Nempuh Pangbalapan’—Nuturkeun Aturanana.’ Salaki pamajikan nu keur ngabahas masalah, di méjana aya Alkitab.

    Kumaha prinsip Alkitab ngabantu salaki pamajikan nu ngarasa teu silih cinta deui?

  • Gambar tina vidéo ’Teu Nyerah Dina ’Nempuh Pangbalapan’—Nuturkeun Aturanana.’ Bapa nu macakeun ’Buku Cerita Alkitab’ keur dua budakna.

    Tuturkeun prinsip-prinsip Alkitab supaya perkawinan bisa bagja

    Yéhuwa nyieun aturan naon waé keur perkawinan?

  • Sangkan perkawinan suksés, salaki pamajikan kudu ngalakukeun naon?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun