”[Sim kuring] kageuing ku asih-Na Al Masih.”—2Kor 5:14, SF
KAHIRUPAN KRISTEN
Na Sadérék Daék Naratas Ékstra dina Bulan Maret atawa April?
Na Sadérék hayang ningkatkeun palayanan ka Yéhuwa dina bulan Pangéling-ngéling? (2Kor 5:14, 15) Dina bulan Maret jeung April, Sadérék bisa milih rék naratas salila 30 atawa 50 jam dina sabulan. Lamun Sadérék rék naratas, Sadérék bisa méré formulirna ka Panitia Dines Sidang. Unggal bulan, sadérék-sadérék nu disatujuan jadi panaratas ékstra bakal diumumkeun di sidang. Ku kituna, sidang bisa ngadukung para panaratas ékstra. Dina kasempetan ieu, mugia urang kabéh bisa ningkatkeun kamampuh dines jeung silih nguatkeun.—1Tes 5:11.