PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb21 Maret kaca 5
  • Na Sadérék Nyiapkeun Diri pikeun Acara Pangéling-ngéling?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Na Sadérék Nyiapkeun Diri pikeun Acara Pangéling-ngéling?
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
  • Bahan nu Sarupa
  • Saha nu Rék Diondang?
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
  • Yéhuwa Ngaberkahan Upaya Urang pikeun Miluan Pangéling-ngéling
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2023
  • Ku Naon Urang Hadir di Acara Pangéling-ngéling?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
mwb21 Maret kaca 5
Pétrus jeung Yohanes nyiapkeun roti jeung cangkir dina méja.

Pétrus jeung Yohanes keur nyiapkeun rohangan di loténg pikeun Paska dina taun 33 M.

KAHIRUPAN KRISTEN

Na Sadérék Nyiapkeun Diri pikeun Acara Pangéling-ngéling?

Yésus apal sakeudeung deui anjeunna téréh maot, jadi keur Yésus acara Paska nu pangpandeurina ieu téh penting pisan. Yésus hayang ngadahar jamuan Paska jeung para rasulna. Anjeunna gé hayang ngenalkeun parayaan anyar nu bakal dirayakeun sataun sakali, nyaéta Jamuan Wengi Jungjunan. Jadi, anjeunna nitah Pétrus jeung Yohanes pikeun nyiapkeun rohanganana. (Luk 22:7-13; tingali gambar dina kaca hareup.) Ieu téh ngingetkeun urang pentingna nyieun persiapan keur acara Pangéling-ngéling dina 27 Maret. Sidang-sidang perlu nangtukeun saha nu bakal hutbah, nyiapkeun lambang-lambangna, jeung nu séjénna. Tapi, naon nu kudu disiapkeun urang masing-masing keur acara Pangéling-ngéling?

Siapkeun haté Sadérék. Baca jeung lenyepan jadwal maca Alkitab pikeun Pangéling-ngéling. Jadwalna aya dina buku Ngulik Kitab Suci Unggal Poé. Apéndiks B12 dina Terjemahan Dunia Baru ogé ngamuat jadwal maca Alkitab nu leuwih lengkep. (Tingali ogé Jurnal Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan bulan April 2020.) Dina ibadah kulawarga, kulawarga ogé bisa ngagunakeun Indeks Publikasi Menara Pengawal atawa Panduan Riset untuk Saksi-Saksi Yehuwa pikeun ngabahas pentingna tebusan.

Hiji kulawarga keur ngabahas acara Pangéling-ngéling dina ibadah kulawargana.

Ondang batur pikeun hadir ka acarana. Sing getol ngabagikeun ondangan pangéling-ngéling. Pikirkeun saha nu bisa diondang. Misalna, jalma nu minat, nu pernah diajar Alkitab, babaturan, jeung baraya. Para kokolot ogé kudu ngondang jalma-jalma nu teu aktif. Lamun jalma nu Sadérék ondang cicingna lain di daérah Sadérék, Sadérék bisa néangan acara Pangéling-ngéling nu deukeut jeung daérah manéhna. Sadérék bisa muka jw.org, di bagian luhur pilih NGEUNAAN URANG, terus pilih ”Pangéling-ngéling”.

Dua kokolot keur ngadatangan sadérék nu teu aktif jeung ngondang manéhna ka acara Pangéling-ngéling.

Naon deui nu bisa dilakukeun urang pikeun nyiapkeun diri keur acara Pangéling-ngéling?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun