PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • mwb21 Méi kaca 13
  • Némbongkeun Kanyaah dina Kulawarga

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Némbongkeun Kanyaah dina Kulawarga
  • Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
  • Bahan nu Sarupa
  • Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Kumaha Carana Supaya Kulawarga Anjeun Bagja?—Bagian 2
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Kolot, Ajar Budak Sadérék Mikanyaah Yéhuwa
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2021
mwb21 Méi kaca 13
Hiji kulawarga keur ngawih dina pasamoan.

KAHIRUPAN KRISTEN

Némbongkeun Kanyaah dina Kulawarga

Kanyaah téh siga tali nu meungkeut kulawarga. Mun euweuh kanyaah, kulawarga moal ngahiji jeung moal kompak. Kumaha salaki, pamajikan, jeung kolot bisa silih mikanyaah?

Salaki nu nyaahan bakal mikirkeun kabutuhan, pamikiran, jeung parasaan pamajikanana. (Epe 5:​28, 29) Manéhna gé bakal minuhan kabutuhan jasmani jeung rohani kulawargana, misalna rutin ngayakeun Ibadah Kulawarga. (1Tim 5:⁠8) Pamajikan nu nyaahan bakal tunduk jeung ”hormat ka salaki”. (Epe 5:​22, 33; 1Pet 3:​1-6) Salaki pamajikan bakal silih ngahampura. (Epe 4:​32) Kolot nu nyaahan bakal merhatikeun jeung ngajar unggal budakna sangkan mikanyaah Yéhuwa. (Pam 6:​6, 7; Epe 6:⁠4) Barudak meunang tangtangan naon di sakola? Kumaha sangkan maranéhna bisa nolak godaan? Lamun kulawarga silih mikanyaah, kabéh anggota kulawarga bakal ngarasa aman jeung tengtrem.

SETÉL VIDÉO SILIH PIKANYAAH DINA KULAWARGA SADÉRÉK, TERUS BAHAS:

  • Gambar tina vidéo ’Silih Pikanyaah Dina Kulawarga Sadérék’. Sanggeus balik ka imah, salaki pamajikan ngabahas ayat Alkitab babarengan.

    Kumaha salaki nu nyaahan bakal merhatikeun jeung ngahargaan pamajikanana?

  • Gambar tina vidéo ’Silih Pikanyaah Dina Kulawarga Sadérék’. Sanggeus balik ka imah, saurang sadérék istri sabar ngadéngékeun jeung nenangkeun salakina.

    Kumaha pamajikan nu nyaahan bakal ngahormat ka salakina?

  • Gambar tina vidéo ’Silih Pikanyaah Dina Kulawarga Sadérék’. Hiji kulawarga ngobrolkeun hal-hal nu alus tina pasamoan bari ngemil babarengan.

    Kumaha kolot nu nyaahan terus ngajarkeun Firman Allah ka barudakna?

SING ATI-ATI DINA NGAGUNAKEUN TÉKNOLOGI

HP atawa tablét bisa méakkeun waktu nu sakuduna dipaké keur nguatkeun hubungan kulawarga. Kolot bisa netepkeun rék sabaraha lila manéhna jeung barudakna maké HP atawa tablét. Kolot gé sakuduna nangtukeun, na budakna meunang maké média sosial atawa henteu. Ogé kolot bisa nangtukeun, jeung saha waé budakna bisa ngobrol di média sosial.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun