UPAYAKEUN DIRI DINA DINES | LEUWIH BUNGAH DINA NGAWAWAR
Ngageuing Haté
Taat ka Allah téh kudu tina haté. (Sil 3:1) Ku kituna waktu ngajar, urang kudu enya-enya ngageuing haté palajar Alkitab. Kumaha carana?
Ulah ngan saukur ngajarkeun bebeneran Alkitab. Tapi, bantu ogé manéhna ngarti naon pangaruh éta palajaran kana kahirupanana sarta hubunganna jeung Yéhuwa. Bantu manéhna pikeun ngahargaan kanyaah, kahadéan, jeung kaadilan Allah nu katémbong tina prinsip-prinsip Alkitab. Gunakeun pananya nu bijaksana supaya manéhna mikirkeun kumaha parasaanana kana éta palajaran. Manéhna ogé perlu paham naon mangpaatna mun daék ngarobah pamikiran atawa laku lampahna nu salah. Waktu ningali yén palajar Alkitab ngabuktikeun kanyaahna ka Yéhuwa, Sadérék bakal leuwih bungah.
TONGTON VIDÉO SING BUNGAH DINA DINES—NINGKATKEUN KAMAMPUH—NGAGEUING HATÉ, TERUS BAHAS:
Ku naon Nita nanya Jasmin, ”Geus dipikirkeun deui bahasan urang poé Senén kamari?”
Kumaha Nita ngabantu Jasmin paham mun papakon Alkitab téh bukti kanyaah Yéhuwa ka manéhna?
Lamun urang ngageuing haté palajar Alkitab, manéhna bakal kajurung pikeun nyieun kamajuan
Kumaha Nita ngabantu Jasmin némbongkeun kanyaahna ka Allah?