KAHIRUPAN KRISTEN
Ka Wanita nu Kolot Sing Kawas ka Indung, ka Mojang Sing Kawas ka Adi atawa Lanceuk
Kitab Suci méré nyaho urang supaya nganggap nu leuwih kolot kawas ka indung jeung bapa, ka nu leuwih ngora kawas ka adi atawa lanceuk. (Baca 1 Timoteus 5:1, 2.) Sadérék lalaki perlu ngahormat jeung ngahargaan sadérék istri.
Sadérék lalaki moal ngagoda sadérék istri atawa nyieun manéhna risi ku omongan jeung sikepna. (Ayub 31:1) Sadérék lalaki nu léngoh ulah ngulinkeun parasaan sadérék istri nu léngoh ku cara nyieun sadérék istri ngarasa dipikabogoh, padahal mah henteu.
Lamun aya sadérék istri nu nanyakeun hiji hal atawa ménta bantuan, kokolot perlu bageur jeung merhatikeun. Utamana kokolot némbongkeun rasrasan ka sadérék istri nu teu boga pasangan hirup, ku sabab teu aya salaki nu bisa ngalindungan manéhna.—Rut 2:8, 9.
TONGTON VIDÉO TERUS TÉMBONGKEUN KANYAAH DI SIDANG—KA RANDA JEUNG YATIM, TERUS BAHAS:
Kumaha sidang némbongkeun kanyaah nu luar biasa ka Sadérék Myint?
Kumaha kanyaah nu ditémbongkeun sidang jadi kasaksian nu alus ka warga di désa éta?
Lantaran sidang némbongkeun kanyaah, naon pangaruhna ka budak awéwé Sadérék Myint?
Ku cara naon waé urang bisa némbongkeun kanyaah ka sadérék istri di sidang?